Kumpulan Tatarucingan Sunda Terbaik Sepanjang Masa

Tatarucingan Sunda – Assalamu’alaikum dulur, wilujeng wayah kieu! Hehe. Keur neangan tatarucingan sunda nya? Ah pas pisan lur, boa-boa urang jodoh yeuh HAHAHA.

Naon atuh tatarucingan teh?

Bagi orang sunda pasti sudah tidak asing lagi dengan yang namanya tatarucingan, namun bagi Anda yang belum tau, berikut pengertian tatarucingan sunda.

Tarucing atau Tatarucingan sebetulnya di tatar Sunda sudah menjadi budaya. Tatarucingan sendiri adalah sejenis teka-teki atau tebak-tebakan Sunda (Sundanese riddle).

Tatarucingan sunda yaitu sejenis permainan tradisional yang berupa pertanyaan-pertanyaan yang diungkapkan secara lisan dengan jawaban sedemikian rupa sehingga jawabannya pun sulit untuk ditebak.

Tingkat kesulitan tatarucingan sangatlah beragam, hal ini tergantung si penanya. Kesulitan dalam menjawab pertanyaan juga disebabkan karena tatarucingan itu direkayasa sedemikian rupa baik dari pertanyaan maupun jawabannya, sehingga menyebabkan sulit dalam menjawabnya.

Coba deh tonton tatarucingan sunda berikut ini:

Video Tatarucingan Sunda Lucu

Berikut ini video tatarucingan yang diambil dari youtube, lucu pisan lur.

Tatarucingan Sunda – Parawan Ayeuna vs Parawan Baheula

Tatarucingan Sendal Naon nu Bisa Ngaheureuyan?

Tatarucingan Gombal Romantis

Kemudian, berikut ini tatarucingan sunda yang telah saya kumpulkan dari beberapa sumber. Tatarucingan ini akan sangat menarik saat kita sedang ngumpul bersama teman-teman, karena tatarucingan sunda ini bisa mencairkan suasana di sekitar.

Maka dari itu siapkan dan hafalkan tatarucingan atau tebak-tebakan bahasa sunda ini, dan buatlah teman-teman Anda mikir dan tertawa lepas jika mereka tidak mengerti.

Selamat membaca.

Tatarucingan Sunda Ngakak

tatarucingan sunda
daftar.android.com

Dibawah ini kumpulan tatarucingan sunda ngakak, dijamin bikin kamu ketawa-ketawa atau paling tidak kamu bakal senyum-senyum sediri Hehe.

TANYA: Di restoran aya 3 jelema keur dahar, nu hiji lolong, nu hiji budek, nu hiji deui bisu. Mun beres dahar saha nu mayar?
JAWAB: Nu bisu, soalna keur ulang tahun.

TANYA: Naon sababna Ken Arok kawin jeung Ken Dedes?
JAWAB: Soalna eta hirupna jaman baheula, coba mun jaman now, kan bisa kawin jeung Desi Ratnasari.

 

TANYA: Aya 3 cakcak, nu dua keur garelut, nu hiji deui nongton hungkul, terus nu keur nonton ujug-ujug murag. Kunaon tah?
JAWAB: Soalna pas tepuk tangan poho nyekelan.

TANYA: Aya 5 cakcak keur ngumpul dina hiji lampu, terus lampuna ujug-ujug pareum, sabaraha cakcak nua aya keneh deukeut lampu?
JAWAB: Tinggal 4 cakcak, soalna nu hiji deui indit nyokot senter.

 

TANYA: Hewan bersel satu ngaranna teh Amoeba, mun bersel banyak ngaranna naon?
JAWAB: Amoeba Demonstrasi.

TANYA: Aya jelema lahir di tasik, cicing di spanyol, sakola di inggris, nikah di Perancis, gawe di Amerika, maot di jerman, dibere gelar naon tah?
JAWAB: Alm.

TANYA: Mun aya raja maot, anakna jadi naon?
JAWAB: Yatim.

TANYA: Isuk-isuk di dapur, beurang di kamar, sore di teras, peuting di dapur, naon tah?
JAWAB: Kompor. Keun we da kompor aing, di simpen dimana wae ge moal nanaon.

TANYA: Manuk-manuk naon anu huruf e na aya tilu?
JAWAB: Bango. Sabab aya laguna sang bango e, e, e sang bango.

 

TANYA: Kumaha carana ngabedakeun gajah gede jeung gajah leutik?
JAWAB: Disaring.

TANYA: Perusahaan naon anu paling geda?
JAWAB: Perusahaan nu ngaproduksi saringan gajah.

 

TANYA: Naon sababna oray teu bogaeun suku tapi titinggi sukuna loba?
JAWAB: Sabab pas pembagian suku si oray hoream datang.

TANYA: Mun gajah jadi hayam, kuda jadi hayam, domba jadi hayam, sapi jadi hayam, terus hayam jadi naon?
JAWAB: Jadi loba lah selud 🙁

 

TANYA: Naon bedana kuda jeung kudra?
JAWAB: Mun kuda sukuna opat, mun kudra sukuna oprat.

TANYA: Yeuh nya, kan sarerea ge apal yen profesor teh cerdas pisan jeung biasana botak hulana, sanajan cerdas, tapi aya hiji hal anu teu bisa dilakukeun nepika ayeuna, naon cing?
JAWAB: Nyisir buuk.

 

TANYA: Naha anjing ngagonggong?
JAWAB: Soalna mun ngagorowok mah jiga maneh.

TANYA: Cing naon sababna superman buukna ngan hiji nu keriting?
JAWAB: Mun keritingna loba mah ngaranna Supermie.

Baca Juga Dong  Kata Kata Romantis Buat Pacar Tersayang Singkat dan Menyentuh Hati

 

TANYA: Saha awewe pangkuatna sa alam dunya?
JAWAB: Nyonya Meneer (berdiri sejak 1948).

TANYA: Naon bahasa arabna endog?
JAWAB: Min Silliti ayyam.

 

TANYA: Naon sababna mun hayam kongkorongok panonna sok peureum?
JAWAB: Soalna geus apal text-na.

TANYA: Daun naon anu tengahna bolong?
JAWAB: Daunat.

 

TANYA: Maneh apal Zainuddin MZ? Cing mun apal eta MZ singkatan tina naon?
JAWAB: Memang Zainuddin.

TANYA: Ari adzan magrib teh keur saha sih? Aya nu apal?
JAWAB: Keur Jakarta dan sekitarnya.

 

TANYA: Topi naon anu bisa nyanyi?
JAWAB: Tophia Latjuba.

TANYA: Jari naon anu bisa nyanyi?
JAWAB: Klingking Park.

 

TANYA: Nu jadi sabab Bebek goreng enak naon?
JAWAB: Huruf B, coba we huruf B-na piceun, da teu ngeunah.

TANYA: Naon sababna bangkok mun liwat rel kareta sok luluncatan?
JAWAB: Sabab mun muter mah karunya jauheun.

 

TANYA: Naha si Inul Daratista jadi penyanyi?
JAWAB: Soalna mun jadi bangsawan mah ngaranna jadi Darabiru.

TANYA: Tengah peuting aya nu bodas kukurilingan deukeut masjid, naon cik?
JAWAB: Pa Haji keur neangan sendal.

 

TANYA: Pak Asep meuli hayam 5, isukan dipeuncit 2, tinggal sabaraha hayamna?
JAWAB: 5, kan dipeuncitna isukan.

KUMPULAN 17 PUPUH SUNDA LENGKAP LIRIK DAN VIDEO, YUK KENALI!

Tatarucingan Jorang Pisan

tatarucingan sunda
gozzip.id

Kalau ini tatarucingan jorang pisan, sebuah tatarucingan yang sedikit vulgar, tapi tenang, tanpa gambar kok, jadi aman HAHA. Cuma heureuy aja ini mah, dibawa santai aja lur.

TANYA: Naha jelema anu bersetubuh bisa hamil? Tempe nu digoreng bisa tutung? Jelema nu asup kana sumur bisa paeh?
JAWAB: Soalna telat ngangkat.

TANYA: Hideung, gede, buluan, leuleus
JAWAB: Mike Tyson teu dahar saminggu.

 

TANYA: Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
JAWAB: Buahenol.

TANYA: Dijegangkeun, terus diasupkeun, terus nguenah weh, naon tah?
JAWAB: Kacamata.

 

TANYA: Bentukna kotak tapi mun dicekel jadi buleud empuk?
JAWAB: Logo OSIS nu dipake ku awewe budak SMA.

TANYA: Bulu panggih jeung bulu, kulit panggih jeung kulit, beuki lila beuki ngeunah, naon tah?
JAWAB: Sare (Peureum).

 

TANYA: Indung si Joni boga anak 5, ngaranna 1. Kantal 2. Kintil 3. Kuntul 4. Kentel 5. ………..?
JAWAB: Nya Joni lah.

TANYA: Naon persamaan ASI jeung AQUA?
JAWAB: Sumberna sarua ti gunung.

 

TANYA: Kumaha carana ngabedakeun cacing jalu jeung cacing bikang?
JAWAB: Simpen foto awewe keur sataranjang, mun ngacung berarti eta jalu.

TANYA: Manuk naon anu pertama kali ulin ka bulan?
JAWAB: Manukna si Neil Amstrong.

 

TANYA: Garuda dina lambang negara indonesia jenis kelaminna naon?
JAWAB: Awewe, soalna dadana ditutupan ku perisai.

TANYA: Hideung, buleud, panjang, aya bau pesing, naon cik?
JAWAB: Tihang telpon nu diompolan jelema.

 

TANYA: Naon bedana pesawat jeung rok awewe?
JAWAB: Ari pesawat mah mun beuki luhur beuki teu katingali, ari rok mah beuki luhur beuki katingali.

TANYA: Dibuka, diasupkeun, terus digeol-geol, terus kaluar bodas, naon tah?
JAWAB: Nyikat huntu.

 

TANYA: Naon sababna aya jalan ngaranna Jalan Tol?
JAWAB: Soalna diresmikeun ku pak presiden, coba mun ku ibu presiden, ngaranna jadi Jalan Til.

 

TANYA: Benda mati, aya jangjangan, sok ngisep darah, naon tah?
JAWAB: Pembalut awewe.

 

TANYA: Naon bedan soto jeung siti?
JAWAB: Mun soto mah bihunna bodas, mun siti mah bihunna hideung.

Tatarucingan Romantis

tatarucingan sunda
bangka.tribunnews.com

Kalau yang ini agak-agak romantis lur, wilujeng nyobaan we haha.

TANYA: KUCING naon nu pang romantisna sa alam dunya?
JAWAB: KUCINGta padamu.

TANYA: Bola naon anu anu bisa ceurik?
JAWAB: Bola mataku ningali anjeun duaan jeung mantan huhuhuh.

 

TANYA: Neng terang teu naha menara pisa miring?
JAWAB: Eta tertarik ku senyum eneng.

 

TANYA: Neng sok mandi? Cik mandi naon anu genah karaosna?
JAWAB: Mandirikan rumah tangga sareng eneng.

Baca Juga Dong  Kumpulan Kata Kata Bijak Lengkap Terbaru: Semangat Hidup, Kesuksesan, Islami

Tatarucingan Sunda Lucu tentang Hewan

tatarucingan sunda
seeker.com

Ini kumpulan tatarucingan sunda tentang hewan, lucu pisan lah lur aseli Hehe.

TANYA: Sato naon anu pang leutikna saalam dunya?
JAWAB: Cacing cacingan.

TANYA: Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
JAWAB: Kutu.

 

TANYA: Hayam burintik nonggeng kalangit?
JAWAB: Ganas.

TANYA: Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
JAWAB: Sapiderman.

 

TANYA: Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
JAWAB: Hayam paeh.

 

TANYA: Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
JAWAB: Sabab teu make kaca spion.

 

TANYA: Kalong naon anu pinter maen bal?
JAWAB: Kalonggak beckham ya… Del Piero.

 

TANYA: Gajah naon anu sukuna dua?
JAWAB: Gajah nu keur keprok.

 

TANYA: Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh
JAWAB: Kuda.

 

TANYA: Sato naon anu pangharam-haramna?
JAWAB: Anak bagong euweuh bapaan.

 

TANYA: Hayam naon anu jumlah sukuna aya 1002?
JAWAB: Hayam nu keur gelut jeung titinggi.

 

TANYA: Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
JAWAB: Hayam leungit.

 

TANYA: Naon bedana onta jeung kangkung?
JAWAB: Onta mah di Arab, kangkung mah diurab.

 

TANYA: Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
JAWAB: Tinggal turunna.

 

TANYA: Leutik bodas pikasieuneun.
JAWAB: Sireum nu napel dina huntu maung.

 

TANYA: Hayam naon anu sukuna hiji?
JAWAB: Hayam nu keur sondah.

 

TANYA: Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna?
JAWAB: Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna).

 

TANYA: Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
JAWAB: Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber.

 

TANYA: Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
JAWAB: Incuna kuman nu teu dahar saminggu.

 

TANYA: Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek, jeung anjing edan rek nyokot tulang dina kolam. Pangheulana anjing mana?
JAWAB: Anjing baseuh.

 

TANYA: Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?
JAWAB: Eleketek heula, nu seuri eta huluna.

 

TANYA: Lauk naon anu bisa hiber?
JAWAB: Lauk Indosiar.

 

TANYA: Kuda naon anu teu bisa lumpat?
JAWAB: Kuda nu dicangcang.

 

TANYA: Bebek naon nu leumpangna muter?
JAWAB: Bebek nu dikonci stang.

 

TANYA: Naon sababna anak ucing jeung anak anjing sok garelut?
JAWAB: Ngaranna ge anak-anak.

 

TANYA: Sato naon anu awakna leutik tapi huluna gede?
JAWAB: Sireum make helm.

 

TANYA: Nini saha nu leumpangna luluncatan?
JAWAB: Ninina bangkong.

Tatarucingan Sunda Ngakak tentang Kaca

tatarucingan sunda
akupaham.com

Berikut ini tatarucingan sunda ngakak yaitu tentang kaca, lumayan lah hehe.

TANYA: Kaca naon anu pangbeuratna?
JAWAB: Kacalikan gajah.

 

TANYA: Kaca naon anu nyeri?
JAWAB: Kacabok.

 

TANYA: Kaca naon anu seungit?
JAWAB: Kacapirit.

 

TANYA: Kaca naon anu sok disada?
JAWAB: Kacapi.

Tatarucingan Bahasa Sunda tentang Benda

tatarucingan sunda
sigambar.com

Benda-benda di sekitar kita juga bisa dibikin tatarucingan loh, nih buktinya, lucu lah lumayan hehe.

TANYA: Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
JAWAB: Tilu warna.

 

TANYA: Minyak naon anu rame?
JAWAB: Minyaksikan pertandingan sepakbola.

 

TANYA: Kapas 3 kg, batu 3 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
JAWAB: Nyeri suku.

 

TANYA: Kunaon tukang baso nakolan mangkok?
JAWAB: Ku sendok.

 

TANYA: Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh?
JAWAB: Keretas.

 

TANYA: Petina hiji, mayitna loba, naon?
JAWAB: Korek api.

 

TANYA: Ti peuting asak ti beurang atah.
JAWAB: Lampu bohlam.

 

TANYA: Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
JAWAB: Obat nyamuk.

 

TANYA: Sukuna hiji, panonna tilu.
JAWAB: Lampu setopan .

 

TANYA: Ka handap muka ka luhur nutup.
JAWAB: Seleting.

 

TANYA: Sapedah naon anu bisa ngapung?
JAWAB: Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung.

 

TANYA: Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung.
JAWAB: Orok nu keur dikakandung ku indungna.

Baca Juga Dong  Hewan Pengerat | Fakta Menarik Tentang Hewan Pengerat, Wajib Baca!

 

TANYA: Palu naon anu bisa pidato?
JAWAB: Pa Lurah.

 

TANYA: Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh.
JAWAB: Rebab.

 

TANYA: Ditakol nyendol teu ditakol nyendol.
JAWAB: Goong.

 

TANYA: Diudag lumpat didagoan cicing.
JAWAB: Kalangkang.

 

TANYA: Gunung bitu, bandera kekelebetan.
JAWAB: Nu keur ngakeul sangu.

 

TANYA: Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
JAWAB: Langlayangan.

 

TANYA: Indungna cicing anakna ancul-anculan.
JAWAB: Lisung jeung halu.

 

TANYA: Nangkub dieusi nangkarak kosong.
JAWAB: Kopeah.

Tatarucingan Sunda Bodor tentang Makanan

tatarucingan sunda
solusicantiksehat.com

Makanan juga bisa kok dibikin tatarucingan sunda lucu, ngakak deh pokoknya lur.

TANYA: Budak dugul asup kana embel.
JAWAB: Cilok.

 

TANYA: Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
JAWAB: Minumpas kejahatan.

 

TANYA: Pare naon anu teu ngeunah?
JAWAB: Parea-rea omong.

 

TANYA: Buah naon anu tara diala?
JAWAB: Buah murag.

 

TANYA: Piramida di jerona aya harta karun.
JAWAB: Bacang.

 

TANYA: Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat
JAWAB: Remeh napel dina kareta api nu keur maju.

 

TANYA: Buah naon anu sok diwedak?
JAWAB: Kesemek.

 

TANYA: Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
JAWAB: Ganas.

 

TANYA: Budak dugul loba kutu.
JAWAB: Onde-onde.

 

TANYA: Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
JAWAB: Kadongdong.

Tatarucingan Lucu tentang Umum

tatarucingan sunda
muvila.com

Yang ini temanya umum, tapi masih lucu lur.

TANYA: Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
JAWAB: Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung.

 

TANYA: Bisa naek teu bisa turun.
JAWAB: Haji.

 

TANYA: Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina?
JAWAB: Kasur ini rusak.

 

TANYA: Tangkal naon anu sok dipikasieun?
JAWAB: Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung.

 

TANYA: Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?
JAWAB: Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu.

 

TANYA: Tukang naon digeroan luarna nembalan jerona?
JAWAB: Tukang bilik.

 

TANYA: Hurup naon anu ngeunah?
JAWAB: Nya T.

 

TANYA: Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?
JAWAB: Sabab sieun S-na leeh kapanasan.

 

TANYA: Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
JAWAB: Setandar.

 

TANYA: Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
JAWAB: Bebegig.

 

TANYA: Kasur naon anu matak nyeri?
JAWAB: Kasura.

 

TANYA: Jalma meuli kasur keur naon?
JAWAB: Keur beunta.

 

TANYA: Tukang naon anu teu bisa ngitung?
JAWAB: Tukang poto.

 

TANYA: Rancung lain landak, hejo lain tentara?
JAWAB: Kaktus.

 

TANYA: Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
JAWAB: Bisa, lamun kiloanana ruksak.

 

TANYA: Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
JAWAB: Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui .

 

TANYA: Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
JAWAB: Gitar.

 

TANYA: Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
JAWAB: Sabab cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup.

 

TANYA: Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din
JAWAB: Pa Haji Samsudin.

 

TANYA: Maju eleh, mundur meunang.
JAWAB: Nu keur lomba tarik tambang.

 

TANYA: Tukang naon digeroan sok lumpat ?
JAWAB: Tukang maok.

 

TANYA: Kapal naon anu teu bisa ngapung?
JAWAB: Kapal nu mesinna ruksak .

 

TANYA: Hideung, leutik, bahaya.
JAWAB: Sireum napel dina bom.

 

TANYA: Naha superman bajuna make hurup “S”?
JAWAB: Sabab mun XL mah bakal logor teuing.

 

TANYA: Hiji diala ari loba teu diala.
JAWAB: Huis.

 

TANYA: Akar di luhur, pucuk di handap.
JAWAB: Janggot.

 

TANYA: Asup tarik kaluar laun.
JAWAB: Leho.

 

TANYA: Bisa turun teu bisa naek.
JAWAB: Hujan.

 

*****

Demikianlah kumpulan tatarucingan sunda lucu, ngakak, jorang, bodor, romantis, dan lain-lain. Semoga terinspirasi.

Hatur nuhun lur.

Tinggalkan komentar

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.